MATURAN BULAN,NYACAPKEUN PEUTING DI BASISIR TANJUNG LESUNG .


Kamana angin nu biasa motah ?,peuting ieu , edas ..! mani ku simpe !
Siga nu era ku bulan, nu anteng mencrong .
Cahaya lindukna ,nyorot nyuaykeun bengeut cai ,ngaburicak na sela-sela daun tarate.
Didieu , di Villa Anggrek Tanjung Lesung ,Kuring pabetem-betem jeung simpe.Ngan hate nu terus noroweco,nganaha-naha ...ka bentang nu teu datang marengan .

Di beulah kenca empang , deukeut pancuran cai, dapuran Falm bajing ,nu diriung ku sabelas anak,teu kecet-kecet , anteng sidakep ngaregepkeun sora cai nu ngerelek .

Ti belah kulon,awuhan sora ombak basisir carita , kadenge lapat-lapat ,siga nu aral negemban tugas ngageuingkeun karang anu hamo malire .manuk-manuk laleutik ,nu biasa recet , cing arucang dina regang katapang, peuting ieu mah teu kadenge renghap-renghapna acan .

Maturan bulan ,nyacapkeun peuting di basisir Tanjung Lesung,mere iber,ngeunaan jati diri manusa,nu lampahna teu jauh jeung kalakuan budak Ogo, nu tuksel loba pamenta ,tapi leah ku usap kadeudeih kolot , ngaguher tibra di pepende ku keteg jajantung indung nu pinuh kurasa welas jeung asih .

Ningan ngan saukur kitu,kalanglkang nafsu nu rosa teh . Nafsu nu murudul , bari poho nitenan wates wangen kamampu diri .Jutaan biaya nu kaluar keur nganteur kahayang nafsu, hamo mampu ngajawab rahasiah peuting ieu nu simpe !.

Ti waktu ka waktu , urang ngan ukur kukurilingan bulak balik , paudag-udag jeng Sugan, bari can apal,kana wates pamungkas tina tujuan nudipikaharep .

Kunaon ..atuh ,urang teh !,keukeuh peuteukeuh ,nngudag-ngudag kalakay nu leupas tina cupatna ,Ageman leupas , hate ngacacang ,ngawur-ngawur kahayang nutur-nutur kalangkah anu hamo bisa katewak .

Maturan Bulan, nyacapkeun Peuting di basisir Tanjung Lesung ,
Nangtung di sisi empang , ngeunteung na beunget cai ,Asa geus cukup waktu , urang Istirah , memeres lampah

nu geus pasolengkrah ku silalatu dosa.

Villa Anggrek, Tanjung Lesung ,Pandeglang,Banten

Malem Jumaah , 16 Juni 2011